Senin, 28 Maret 2016

pakeman basa BAHASA SUNDA


PAKEMAN BASA




Pakeman Basa disebut ogé Idiom, asalna tina bahasa Yunani Idios,  anu ngandung harti “ has, mandiri, husus, pribadi”. Dina basa sunda Pakeman basa nyaéta wangun basa anu husus tur mandiri sarta ngandung harti anu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nururtkeun harti tata basa. Atawa pekeman basa, nyaéta pok-pokan maneuh anu ngandung harti siloka, henteu sacéréwéléna. Éta omongan dilarapkeun ka jelema, ngan kecap-kecapna henteu dicokot tina ngaran babagian awak atawa paripolah/pasipatan jelema baé, tapi aya tina ngaran barang salian ti jelema, saperti ngaran sasatoan atawa tatangkalan anu diwangun omongan geusan ngedalkeun kereteg haté atawa pikiran ka nu lian. Harti anu kapanggih dina pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik.
Anu kaasup kana pakeman basa dina basa sunda nyaéta :
1.      Paribasa
2.      Babasan
3.      Cacandraan
4.      Uga
5.      Rakitan lantip
6.      Caturangga
7.      Candrasangkala
8.      Repok
Dina pangajaran ayeuna urang bakal pedar ngeunaan paribasa, babasan, cacandraan, kila – kila, jeung  kapamalian.
1.    Paribasa
Nyaéta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun omongan (runtuyan kalimah) anu geus puguh eunteup seureuhna (sistematika), geus puguh surupanana, geus tangtu pok-pokanna.
Ciri – ciri paribasa:
a.       Paribasa sifatna ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandékeun.
b.      Paribasa téh omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.
c.       Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita.
d.      Paribasa henteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, sarta dilemeskeun kekecapanana, sabab geus mangrupa wangun basa anu geus matok (pakeman).
Ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing – pasing jadi tilu golongan nyaéta :
a.         Paribasa wawaran luang
Eusina ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masyarakat, sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang.
Contohna :
1)      Uyah mah tara téés kaluhur, hartina tabiat/sifat nu jadi anak tara jauh béda jeung tabiat/sifat kolotna.
2)      Uncal tara ridueun ku tanduk,  hartina boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa.
3)      Wiwirang dikolongcatang nya gedv nya panjang,  hartina ngalaman hiji kajadian anu matak pikaéraeun.
4)      Buruk – buruk papan jati, hartina sagoréng – goréngna dulur sorangan, moal téga nganteupkeun mun aya karerepet atawa menang papait.
5)      Hadé ku omong goréng ku omong,  hartina dina nyanghareupan masalah, rék hadé rék goréng, kudu dibadamikeun.
6)      Umur gagadihan, banda sasampiran hartina: umur jeung harta banda hakékatna milik Allah Swt.
7)      Ungguh baléwatangan hartina: di bawa ka pangadilan
8)      Buburuh nyatu diupah béas, hartina: meunang dua kauntungan sakaligus, saperti nu sakola meunang béa siswa.
9)      Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan hartina: anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh.
10)  Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed (najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora)
11)  Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar (jaman geus robah, jalma ogé loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna)
12)  Cécéndét mandé kiara, cileuncang (cileungcang) mandé sagara (nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar.
b.        Paribasa panyaram lampah salah
Eusina panyaram sangkan ulah migawé pagawvan anu matak rugi, boh keur diri sorangan boh keur batur.
Contohna :
1)      Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan, hartina: ulah sieun, kudu gedé kawani
2)      Ulah koméok saméméh dipacok, hartina: ulah waka ngomong teu sanggup/teu bisa saméméh dicoba.
3)      Ulah incah balilahan, hartina: ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia
4)      Ulah nyeungceurikan upih ragrag, hartina: ulah popoyok ka jalma nu geus kolot sabab urang gé bakal ngalaman.
5)      Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung,  hartina: ulah babari bosenan, tapi kudu satia salilana.
6)      Cul dog tinggal igel,  hartina: ninggalkeun gawé baku, terus milampah pagawéan nu taya hartina.
7)      Mareubutkeun balung tanpa eusi,  hartina: marebutkeun perkara anu papada can jelas.
8)      Pagiri – giri calik pagirang – girang tampian, hartina: teu sauyunan, papada hayang menang sorangan, papada hayang leuwih., jsb.
c.         Paribasa pangjurung laku hadé
Eusina pikeun pangjururng milampah pagawéan anu hadé.
1)        Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket (taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh)
2)        Kudu bisa ngeureut neundeun/pakéan, hartina: kudu bisa nagjeujeuhkeun rejeki, kudu sina mahi.
3)        Kudu boga pikir rangkeupan, hartina: ulah sabrongbrong, kudu aya rasa curiga.
4)        Kudu hadé gogod hadé tagog, hartina: hadé basa jeung hadé tingkah lakuna.
5)        Kudu nepi méméh indit, hartina : kudu direncanakan kalawan asak.
6)        Kudu bisa kabula kabalé,  hartina: kudu bisa mawa awak.
7)        Bibilintik ti leuleutik babanda ti bubudak, geus gedé ngan kari maké,  hartina: kudu gemi jeung daék babanda ti leuleutik ngarah dimana geus kolot teu loba kakurang.
8)        Élmu tungtut dunya siar,sukan – sukan sakadarna,  hartina: téangan élmu jeung harta banda keur pibeukeuleun,  sarta kudu hirup basajan. Jst...

2.    Babasan
Bédana jeung paribasa, babasan mah winangun frasa atawa kecap kantétan anu susunana geus matok sarta ngandung harti injeuman.
Ciri –cirina:
1.        Babasan mangrupa babandingan ngeunaan kaayaan, pasipatan, pariplah, sarta nasib jelema jeung sabudeureunana.
2.        Babasan mangrupa frasa atawa kecap kantétan anu ngandung harti injeuman, lain hari sabenerna.
3.        Babasaan heunteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, atawa dilemeskeun.
Papasingan babasan diantaranga waé:
a.    Anu dipaké babandingan sasatoan
Contona:
1)      Beuteung anjingeun,  hartina beuteung jalma anu leutik, dipapandékeun kana beuteung anjing
2)      Hulu peutieun, hartina: leutik sirah, heunteu sabanding jeung awakna, dipapandekeun kana peuti nya éta kutu munding, anu huluna leutik.
3)      Kokolot begog, hartina: budak nu sok pipilueun kana urusan kolot atawa omonganna kawas kolot, dipapandékeun ka anak monyét (begog = anak monyét nu keur meujeuhna bangor)
b.        Anu dipaké babandingan tatangkalan jeung bungbuahan
Contona:
1)      Kawas beubeulahan terong,  hartina: sakarupa pisan siga nu kembar
2)      Pucuk awian, hartina: teu panceg pamadeganana, dipapandékeun kana pucuk awi anu luak léok  katebak angin.
3)      Héjo carulang, hartina: dilarapkeun kana kulit jelema anu konéng semu héjo, dipapandékeun kana jukut carulang anu daunna héjo ngémploh semu konéng.
4)      Siga cai dina daun taleus,  hartina:teu panceg pamadeganana
c.         Anu dipaké babandingan barang
Contona:
1)      Gurat batu,  hartina: kukuh, teu babari ngarobah omongan anu geus diucapkeun, dipapandekeun kana urat – urat dina batu, sabalikna tina gurat cai.
2)      Sari gunung, hartina: dilarapkeun ka awéwé anu katingali geulis ti kajauhan tapi ari ti kadeukeutan mah teu sabaraha geulisna, dipapandekeun kana gunung anu katénjo éndah ti kajauhan padahal rembet ku kakayon.
3)      Kawas pérah bedog rautaneun,  hartina: dilarapkeun ka jalma anu goréng patut pisan, dipapandékeun kana pérah bedog anu can jadi.
d.        Anu dipaké babandingan awak
Contona:
1)      Gedé hulu,  hartina: sombong, adigung
2)      Béngkok tikoro, hartina: teu kabagéan kadaharan istiméwa lantaran béakeun atawa telat datangna.
3)      Panjang leungeun,  harttina: daék cocokot, jalma tukang ceceremed.
4)      Bujur aseupan, hartina: jalma nu teu daék cicing diukna, pindah – pindah waé.
5)      Beurat birit, hartina: jalma nu hésée dititah
6)      Hampang birit,  hartina: jalma nu daékan di titah.
7)      Amis daging, hartina: jalma nu sok babari borokan
8)      Amis budi, hartina: jalma nu soméah.
9)      Buntut kasiran, hartina: korét
10)  Kolot sapeuting, hartina kolot euweuh kanyaho
11)  dulang tinandéa, hartina: awéwé mah kumaha lalaki
12)  kawas aul , hartina: ciciduh atawa sok cumiduh
13)  dibeuweung diutahkeun , hartina:dipikir dibulak-balik sangkan keuna kanu dimaksud.
14)  nyalindung ka gelung, hartina: ngandelkeun usaha pamajikan
15)  ngadu angklung , hartina: paréa-réa omong nu taya gunana
e.         Anu dipaké babandingan jelema atawa tokoh kasohor
1)      Kawas rama jeung sinta, hartina: pasangan anu kasép jeung geulis, dipapandékeun kana tokoh wayang Ramayana.
2)      Kawas dongéng si boséték,hartina gunta – ganti aturan tapi taya parobahanana, dipapandékeun kana dongéng anu tokohna si Boséték, jalma anu loba aturan tapi taya kamajuan.  
3)   Mangrupa kecap kantétan anu murwakanti
1)      Awét rajét, dilarapkeun ka nu laki rabi, lana tapi réa pacéngkadana.
2)      Pinter kabalinger, hartina: ongkoh cenah pinter tapi beunang katipu ku batur atawa nyieun aturan anu tgeu bener.
3)      Jelema cepet bener, dilarapkeun ka jalma anu jujur, bener, tara linyok bohong.
3. Cacandraan
Nyaeta  caritaan karuhun nu ngagambarkeun kaayaan nagara jaga atawa dina jaman anu kasorang  (panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun).
Contona:
1)      Bandung heurin ku tangtung
2)      Sukapura ngadaun ngora
3)      Sumedang ngarangrangan
4)      Cianjur katalanjuran
5)      Galunggung ngadeg tumenggung
6)      Pangandaran andar – andaran
7)      Wanayasa macangkrama
8)      Banagara sor katengah
Cacandraan béda jeung jujulukan kota, misalna:
1.      Bandung kota kembang
2.      Bogor kota hujan
3.      Cirebon kota udang
4.      Karawang kota lumbung padi, jsb.
4.        Uga
Kecap uga katelah hiji omongan anu eusina mangrupa ramalan yén dina hiji waktu bakal aya kajadian boh nu pikagumbiraeun boh nu pikasusaheun.
1)      jaga mah barudak, sajajalan disaungan, nya buktina aya karéta api.
2)      Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat, nya buktina aya telegram.
3)      Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék, nya buktina aya anak somah naék pangkat, anak ménak teu naék pangkat.
4)      Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu di gawé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angker gawé nya buktina aya nu dagang di pagawéan.
5.        Kapamalian
Kecap pamali sok dihartikeun larangan karuhun atawa larangan sepuh urang anu maksudna teu menang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.
Contona:
1)      Ulah nambulan uyah, pamali bisi potong peujit
2)      Ulah cicing dina lawang panto, pamali bisi hésé menang jodo
3)      Ulah maké baju bari leumpang, pamali bisi tgeu kalaksanakeun cita – cita
4)      Ulah sapaké jeung koloy, bisi hapa hui
5)      Ulah mandi pabeubeurang, bisi téréh péot
6)      Ulah lila teuing cicing dikamar mandi, pamali bisi gancang kolot
7)      Ulah dipapayung dijero imah, pamali bisi di datangan maung jsb
6.        Kila – kila
Kila – kila nyaéta totondén (tanda – tanda) alam kana naon – naon anu bakal kajadian.
Contona:
1)      Lamun aya kukupu hiber ditengah imah, tandana rék aya tamu
2)      Lamun ngimpi néwak lauk, tandana rék menang duit
3)      Lamun kekenudan panon kenca, tandana rék manggih kasedih
4)      Lamun kekenudan panon katuhu, tandana rék manggih kabagjaan
5)      Lamun murag bulu mata, tandana aya nu sono ka urang
6)      Lamun panas ceuli, tandana aya anu ngomongkeun
7)      Lamun aya sora manuk sit uncuing, tandana bakal aya nu maot
8)      Lamun aya sora manuk bebencé, tandana aya bangsat keur kukulampangan néangan palingeun
9)      Lamun aya sora hayam kongkorongok tengah peuting, tandana aya parawan hamil tiheula
10)  Lamun aya sora toké, tandana bakal aya rejeki
11)  Lamun aya sora soang tipeuting, tandana bakal aya jurig
12)  Lamun dijalan kacegat ucing, tandana bakal manggih kasial
13)  Lamun dampal leungeun karasa ateul, tandana bakal nampa duit
14)  Lamun aya cakcak bodas, tandana aya jalma nu ngadengekeun omongan urang
15)  Lamun aya cakcak ragrag tandana aya jurig

PENJASKES CARA MELAKUKAN GAYA PUNGGUNG


Gaya punggung adalah berenang dengan posisi punggung menghadap ke permukaan air. Gerakan kaki dan tangan serupa dengangaya bebas, tapi dengan posisi tubuh telentang di permukaan air. Kedua belah tangan secara bergantian digerakkan menuju pinggang seperti gerakan mengayuh. Mulut dan hidung berada di luar air sehingga mudah mengambil atau membuang napas dengan mulut atau hidung.
Sewaktu berenang gaya punggung, posisi wajah berada di atas air sehingga perenang hanya melihat atas dan tidak bisa melihat ke depan. Sewaktu berlomba, perenang memperkirakan dinding tepi kolam dengan menghitung jumlah gerakan.
Berbeda dari sikap start perenang gaya bebas, gaya dada, atau gaya kupu-kupu yang dilakukan di atas balok start, perenang gaya punggung sewaktu berlomba melakukan start dari dalam kolam. Perenang menghadap ke dinding kolam dengan kedua belah tangan memegang besi pegangan. Kedua lutut ditekuk di antara kedua belah lengan, sementara kedua belah telapak kaki bertumpu di dinding kolam.
Gaya punggung adalah gaya berenang yang sudah dikenal sejak zaman kuno. Pertama kali dipertandingkan di Olimpiade Paris 1900, gaya punggung merupakan gaya renang tertua yang dipertandingkan setelah gaya bebas.

TIK CARA MENGELOLA BLOG BAGI PEMULA

Bagaimana Cara Membikin/Membuat Blog :

Bagi Para Blogger  membuat Blog bukanlah hal yang rumit,  tapi bagi  Pemula mungkin perlu waktu berjam-jam karna mesti bolak-balik sambil membuka Tutorial


Tapi jangan khawatir di sini akan dijelaskan bagaimana cara bikin blog di blogger.com. 
 
Sebelumnya  anda  harus punya dulu  account/email google.  tentu sudah punya bukan ?  Karena itu syarat mutlak, tidak boleh menggunakan email yahoo atau yang lainnya
 
Mari kita mulai : 
 
1. Buka   http://www.blogger.com   kemudian  isikan email google yang sudah kita miliki beserta password ke dalam kotak yang disediakan blogger, 


 lalu  klik  Sign / Masuk
2. Langkah selanjtnya pastikan pilih  Bahasa Indonesia dengan mengklik tombol jendela kecil pilihan bahasa yang terletak di bagian kanan atas.
3. Kami  sarankan pada tahapan ini pilih Profile Google +  hal ini untuk mempercepat  blog  anda  dapat terdeteksi oleh mesin  Search Engine Google,  lalu pilih Lanjut
4. Kalau mau akses ke  yahoo  atau ke  hotmail  silahkan pilih,  tapi kalau mau mengatur belakangan, silahkan abaikan saja dan pilih Lanjut.
5. Sekarang  anda sudah berada di Akun Blogger,    pilih saja    Blog Baru.
6. Ketik  judul blog  yang sudah anda siapkan sesuai keinginan di kolom yang disediakan. Boleh menggunakan huruf besar atau kecil atau campuran keduanya. 
7. Ketik  nama blog  dengan menggunakan huruf kecil semuanya, kemudian perhatikan keterangan di bawahnya jika muncul :    maaf blog ini tidak tersedia  berarti  anda  harus menggantinya dengan nama lain,  tapi kalau keterangannya yang tertulis :    blog ini tersedia,
8. Finishingnya adalah klik tombol  buat blog yang terletak di bagian kanan bawah.
Selesai.

LATAR BELAKANG BERDIRINYA ASEAN


Latar Belakang dan Sejarah ASEAN

Latar Belakang ASEAN

Terbentuknya sebuah organisasi internasional sudah barang tentu ada sesuatu yang mendasarinya, begitu juga dengan dibentuknya ASEAN yang merupakan sebuah organisasi internasional yang menaungi negara-negara yang berada dikawasan Asia Tenggara yang tentunya juga ada yang mendasarinya. Dan inilah beberapa latar belakang terbentuknya ASEAN sesuai dengan Deklarasi Bangkok.

1. Persamaan Letak Geografis.

Salah satu hal yang mendasari terbentuknya ASEAN adalah karena negara-negara tersebut memiliki kesamaan dalam hal geografis. Indonesia dan negara-negara ASEAN lainnya berada dikawasan Asia Tenggara, selain itu negara-negara tersebut juga terletak diantara dua samudera yaitu Samudera Hindia dan Samudera Pasifik.

2. Persamaan Budaya.

Selain memiliki kesamaan dalam sisi geografis, negara-negara ASEAN juga mempunya kesamaan dalam nilai-nilai dasar kebudayaan. Sejarah mencatat bahwa negara-negara yang berada dikawasan Asia Tenggara memiliki budaya, bahasa, serta tata kehidupan dan pergaulan yang hampir sama karena merupakan para pewaris peradaban sebelumnya yang disebut dengan rumpun Melayu Austronesia.

3. Persamaan Nasib.

Selain Thailand, negara-negara yang berada dikawasan Asia Tenggara merupakan negara-negara jajahan, misalnya Indonesia merupakan negara jajahan Belanda, Malaysia dan Singapura merupakan negara jajahan Inggris, dan juga Filipina yang merupakan negara jajahan Spanyol. Hal inilah yang menjadi salah satu dasar terciptanya organisasi internasional ASEAN dikarenakan rasa kesetiakawanan dan perasaan senasib sepenanggungan antara negara-negara tersebut.

4. Persamaan Kepentingan.

Hal yang tidak kalah pentingnya dari sebab-sebab yang membuat terbentuknya organisasi dikawasan Asia Tenggara ini adalah kerana adanya persamaan kepentingan antara negara-negara tersebut. Negara-negara dikawasan Asia Tenggara ini memiliki kebulatan tekad dan tujuan untuk sama-sama berkontribusi dalam hal pertumbuhan ekonomi, kemajuan sosial, perkembangan budaya, serta hal-hal yang erat kaitannya dengan keamanan dan stabilitas politik dikawasan.